ads1

Official Website

RAJAGALUH UNDERCOVER

Cung Nu Ngacung Kuring Ngacung

Cung Nu Ngacung Kuring Ngacung

Hayang boga pamingpin nu bisa hiber, hayang boga pamingpin nu bisa napak sancang komo barijeung bisa nerus bumi..hade pisan eta mun pamingpin urang bisa kawas kitu..
nu ngaranage jalma atuh saleresna kudu boga kahayang geus weh atuh tong hirup mun jalama eweuh kahayang mah, tapi omat kahayang nu hade...lamun urang melak cabe tangtu bakal jadi cabe..

Heuh da urang ge can tangtu bisa kawas kitu nu matak jalma mah sok paling pinter mun ngritik batur bari teu neuleu diri maneh na sorangan kawas kumaha. ning mah ngaku kaum terpelajar nyaho kana agama lampah sareng tingkah parih polah anu bener maneh na nyaho. tapi masih sok ngajejeleh kanu gelo bari jeung jiga sarua gelona. asa ku embung mere elmu pikeun pibenereun ja'im lah, so pinterlah, so ganteng lah, so geulis lah, so gaol lah, so style. jigana mahal meureun elmu mah da nang meuli . embung nimbrung jeung nu gelo da bisik kababawa gelo da ari nu boga elmunamah Insaallah moal kabawa gelo malahmah nu gelo jadi cageur, cageur tina sagala bentuk kagorengan. pahala tah jadina. saleresnamah nu di sebut sampah teh leuwih peka nempo kahirupan. peka nempo digigireunana, di hareupeunnana, jeung tukangeun manehanana, lamun nempo batur keur sangsara. geus puguh atuh nu gableg mah tong dicaritakeun deui...
tong nempo jalma tina deudeuganana atawa tina penampilanana da ari Gusti Numaha Sucimah nya eta Allah Swt. teu ningali hiji jalma tina pangkat, harta, tahta atawa jabatan. lain eta Gusti Allah ningalimah. tapi tina kabeungharaan hate jalma nu hade amal ibadahna..

Buuk kabéh sarua hideungna beungeut teu kabéh sarupa
Séjén jelema, séjén cara, tingkah sarta omongan. pamikiran oge tangtu teu kabeh sarua...
teu saeutik jalma loba nusilih sangka, matak kudu loba pangampura..

cung nu ngacung urang masih rumasa ngarasa boga kahayang jadi jalma bener
cung nu ngacung urang masih rumasa boga kahayang leuwih peka nempo kahirupan,
cung nu ngacung urang masih rumasa ngarasa loba dosa,
cung nu ngacung urang masih rumasa teu neuleu batur cuplak ceplok omongan bari jeung nyeri hatekun batur.
cung nu ngacung urang hayang jadi jalma beunghar hate beunghar harta, ber bisa mere kanu jalma teu boga.
cung nu ngacung urang pada menta pangampura.
cung nu ngacung ...kumaha didinya weh lah....???????
cung nu ngacung urang teu ngarti naun nu kumaneh diomongkeun......:'(.
Share:

RAJAGALUH

LOKAL ADS SUPORT