ads1

Official Website

RAJAGALUH UNDERCOVER

Hadist Shaum Sasih Ramadhan

Hadist-hadist Ngeunaan Sasih Shaum Ramadhan di tulis ku bahasa sunda 

 - حَدَّثَنَا يَحْيَى بْنُ أَيُّوبَ وَقُتَيْبَةُ وَابْنُ حُجْرٍ قَالُوا حَدَّثَنَا إِسْمَعِيلُ وَهُوَ ابْنُ جَعْفَرٍ عَنْ أَبِي سُهَيْلٍ عَنْ أَبِيهِ عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُ أَنَّ رَسُولَ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ إِذَا جَاءَ رَمَضَانُ فُتِّحَتْ أَبْوَابُ الْجَنَّةِ وَغُلِّقَتْ أَبْوَابُ النَّارِ وَصُفِّدَتْ الشَّيَاطِينُ
Geus nyaritakeun ka Kami Yahyaa bin Ayyuub, Qutaibah jeung Ibnu Hujr, aranjeunna sasauran, tos nyarioskeun ka Kami Ismaa’iil –Anjeunna teh nyaeta Ibnu Ja’far-, ti Abu Suhail, ti Ramana, ti Abu Hurairoh Rodhiyalloohu ‘Anhu, yen Rosuulullooh Shollalloohu ‘alaihi wasallam ngadawuh:
“Mun geus datang bulan Romadhon maka panto-panto surga dibuka, panto-panto naraka ditutup, jeung syetan-syetan diborogod ku rante-rante.”
[Shahiih Muslim no. 1080; Shahiih Al-Bukhaariy no. 1898]


- حَدَّثَنَا أَبُو كُرَيْبٍ مُحَمَّدُ بْنُ الْعَلَاءِ بْنِ كُرَيْبٍ حَدَّثَنَا أَبُو بَكْرِ بْنُ عَيَّاشٍ عَنْ الْأَعْمَشِ عَنْ أَبِي صَالِحٍ عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ قَالَ قَالَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ إِذَا كَانَ أَوَّلُ لَيْلَةٍ مِنْ شَهْرِ رَمَضَانَ صُفِّدَتْ الشَّيَاطِينُ وَمَرَدَةُ الْجِنِّ وَغُلِّقَتْ أَبْوَابُ النَّارِ فَلَمْ يُفْتَحْ مِنْهَا بَابٌ وَفُتِّحَتْ أَبْوَابُ الْجَنَّةِ فَلَمْ يُغْلَقْ مِنْهَا بَابٌ وَيُنَادِي مُنَادٍ يَا بَاغِيَ الْخَيْرِ أَقْبِلْ وَيَا بَاغِيَ الشَّرِّ أَقْصِرْ وَلِلَّهِ عُتَقَاءُ مِنْ النَّارِ وَذَلكَ كُلُّ لَيْلَةٍ


Geus nyaritakeun ka Kami Abu Kuraib Muhammad bin Al-’Alaa’ bin Kuraib, geus nyaritakeun ka Kami Abu Bakr bin ‘Ayyaasy, ti Al-A’masy, ti Abu Shaalih, ti Abu Hurairoh Rodhiyalloohu ‘Anhu, anjeunna sasauran, Rosuulullooh Shollalloohu ‘alaihi wasallam ngadawuh:

“Mun geus datang peuting munggaran dina bulan Romadhon maka setan-setan jeung jin-jin nu jarahat diborogod ku rante, panto-panto naraka bakal ditutup jeung hamo muka ti eta panto teh hiji oge, panto-panto surgabakal dibuka, jeung hamo nutup eta panto surga hiji oge, tur bakal aya nu ngagero: “Yeuh! Jalma nu nyuprih kahadean, prak geurakeun (nuju kana eta kahadean), Yeuh ! Jalma nu nyuprih kagorengan, prak geura eureunan (tina milampah eta kagorengan), Allah ngabebaskeun (salah saurang hamba) tina seuneu naraka tina saban-saban peuting (di bulan Romadhon).”
[Jaami' At-Tirmidziy no. 682; Sunan Ibnu Maajah no. 1339]

Geus nyaritakeun ka kami Suraij bin An-Nu’maan, kitu deui geus nyaritakeun ka kami Nuuh bin Qais, ti Nashr bin ‘Aliy Al-Jahdhamiy, ti An-Nadhr bin Syaibaan Al-Huddaaniy, ti Abu Salamah bin ‘Abdurrahman, kami (An-Nadhr) naros ka Abu Salamah, cobi carioskeun ka kami hadits ti bapa anjeun nu anjeunna nguping langsung ti Rosuulullooh Shollalloohu ‘alaihi wasallam, Abu Salamah ngawaler: (Mun seug) bulan Romadhon datang maka Rosuulullooh Shollalloohu ‘alaihi wasallam ngadawuh:
“Bulan Romadhon teh nyaeta bulan nu Allah ngawajibkeun ka aranjeun sakabeh pikeun puasa, oge kami geus nyunahkeun ka kaum Muslimin pikeun ngadegkeun solat peuting dijerona, maka sing saha jalmana nu puasa kalayan pinuh ku kaimanan jeung karana Allah Ta’aalaa, maka dosa-dosana bakal kaluar (ti dirina) lir ibarat manehna nu karek dilahirkeun ku indungna.”
[Musnad Ahmad no. 1691


Geus nyarioskeun ka kami Abu Badr ‘Abbaad bin Al-Waliid, geus nyaritakeun ka kami Muhammad bin Bilaal, kitu deui geus nyaritakeun ka kami ‘Imraan Al-Qaththaan, ti Qataadah, ti Anas bin Maalik, anjeunna sasauran:

Nalika lebet kana sasih Romadhon maka Rosuulullooh Shollalloohu ‘alaihi wasallam ngadawuh:

“Saestuna bulan ieu estu geus hadir ka aranjeun sakabeh, nu dijerona aya hiji peuting nu leuwih hade batan sarebu bulan, sing saha jalmana nu kahalangan (pikeun migawe kahadean) maka estu manehna geus kahalangan tina (migawe eta kahadean), jeung hamo kahalangan dina (milampah) kahadean, kajaba pikeun manehna nu kahalangan (dina milampah kahadean).”

[Sunan Ibnu Maajah no. 1644]

Geus maparin beja ka kami Bisyr bin Hilal, geus nyaritakeun ka kami 'Abdul Waarits, ti Ayyuub ti Abu Qilaabah, ti Abu Hurairah Rodhiyalloohu 'Anhu Anjeunna sasauran, Rosuulullooh Shollalloohu 'Alaihi wa Sallam ngadawuh:
"Geus datang ka aranjeun bulan Romadhon, Bulan nu pinuh ku kaberkahan. Alloh 'Azza wa jalla geus ngawajibkeun ka aranjeun puasa dijerona, di bulan eta pisan panti-panto langit bakal dibuka jeung panto-panto naraka bakal ditutup, tur di bulan eta pisan setan-setan nu jarahat bakal diborogod. Demi Alloh ! di bulan eta pisan aya hiji peuting nu (eta peuting teh) leuwih hade batan sarebu bulan, sing saha jalmana nu kahalangan meunang kahadean, maka estu manehna kahalangan kana eta kahadean."
(Sunan An-Nasaa'i No. 2106)
Share:
Local: Rajagaluh, Majalengka, Jawa Barat, Indonesia

RAJAGALUH

LOKAL ADS SUPORT