ads1

Official Website

RAJAGALUH UNDERCOVER

Majalengka Geura Harudang.

Saur...saur...saur.....
( Majalengka Geura Harudang Rajagaluh Tos Nyaring yeuh)

Obrog-obrog(koprek ceuk urang rajagaluhmah) tos ngraliwat Rajagaluh Lor - Blok Senen-Karang Anyar mah rame koprek teh soalna koprek na oge make gitar, goong, kendang Jsb sarua jeung nu di Desa Cipinang, ngalaguna nya kitu nu tenar ayeuna "Keong Racun" hehe.., tapi aya koprek nu ngansaukur nabeuhan wadah minyak(jaliken) nakolan botol jeung mamawa kentongan nu tina awi tea teh...hehehe... eta koprek saayana jeung tatabeuhana teh asanateh kitu weh cirihasnateh ti keur urang leutik ...turun temurun euy instrument teh...gakgakgakgak... Tapi niatnamah da sarua weh ngahudangkeun nu sare... Rame lah.
Bilih aya nu priogi kana waktos..ayeuna waktos di Rajagaluh Tabuh Tilu langkung sakitu...enggalan geura salaur..... saur....saur...Ka ibu-ibuna kanu tacan masak enggalan ka dapur geura masak nu teu tiasa masak nya meser ... :D
Poe ieu kemis 19 Agustus 2010 tos nincek kana poe ka salapan dina bulan Ramadhan.. Mugia urang sadaya di paparin ka kiatan dina ngalkonan ibadah puasa ieu mugia puasa urang sadaya di tampi ku Gusti Allah Subhana huwata'ala.Amin

niat puasa .
" Nawaitu sauma godin an adai fardhi syahri ramadhana hadzihissanati Lillahita'ala"
Share:

RAJAGALUH

LOKAL ADS SUPORT