Ti isuk
komputer di hurungkeun ngeditan sababaraha foto titahan batur, sareng ngadamel presentasi pikeun batur kuring, jang tugas cenah mah. Tepi ka sore poho aya aplikasi nu kudu di instalkeun. Karek ge CDinstalan di asupkeun kana DVDroom ==cpret== reup teh pareum listrik
, “wah wah pertanda yeuh” …werrr sora Adaptor hurung.. “tah tah listrik hurung deui”
..reup teh pareum deui.
. moal bener yeumah cabut wae lah colokan teh nu ka komputer.. sababaraha detik listrik hurung deui… cpret teh pareum deui …haruh… nya ceuk kuring ge pertanda yeu mah ti
PLN, bakal pililaeun biasana oge parem listrik mun ges mere tanda kieu mah. Ayeunamah asa ku sering pisan rarasaan teh “pareum-caang-pareum-caang-pareum, Mun pareum pareum, mun caang caang” gugurutu sorangan di jero hate. Rajagaluh mun kieu wae kudu meuli UPS (Penyimpan Arus
Listrik) tea euy beh bisa “clik Start- clik Turn Off Computer- clik Turn Off,” kudu ngumpulekun duit yeu mah jang meuli alat nu kitu. Ta nginjeum kitu …ka BANK nu aya di Rajagaluh da balatak atuh ayeunamah
BANK di Rajagaluh teh ting jareglig tereh pisan narangtungna eta BANK. Mau pinjam ke
BANK yang mana nu
bunga na
rendah tinggal datangan weh ka
BANK eta…moal tutup atuh
BANK mah sanajan pareum listrik oge da maneh namah boga genset..hehehe…. untungna teh sore keur Persib maen lawan Sriwijaya FC mah teu pareum listrik tepi ka anggeus na Persib meunang 1-0..yeah Persib Meunang euy “Aku Selalu Mendukungmu Persib” Salain tina dukungan Nuutamanamah do’ana beh meunang terus mun Persib maen. Euuuh komo mun bisa ngadukung tina segi materi namah. Jigana
Bobotoh Persib Nyaan lah.. keurmah geus ngadukung tina do’ana, nganyumangetan, di tambah jeung dukungan materi wah mantab..hehehe.... tapi pikeun kuring mah ngan tiasa ngadukung tina do’a, nongton persib keur maen ge ngan ukur tiasa ningali na
TV, nya iraha nya kuring teh bisa nongton langsung ka Bandung mun Persib pas maen di Bandung terus katimu weh jeung dulur Bobotoh Persib di ditu…(
Bobotoh Persib Rajagaluh nu nyiliwuring)
Balik deui ka pareum listrik, “ ..heu…” tepi ka jam 12 peuting listrik can hurung keneh, katingali mobil PLN
Rajagaluh ngaliwat ka gigireun Mesjid Al-himah Rajagaluh patutur-tutur jeung kuring balik ti terminal geus nongkrong di ‘si Rokok ‘N Rolla ngadon ngopi di si warso jeung barudak. Jigana keur ngontrol meureun Mobil
PLN. teuing tah listrik hurungna jam sabaraha balik ka imah teh
listrik can
hurung keneh weh...isukna Jurungkunung hudang ningali lampu ngagencar wae caang. ningali jam geus jam 6 isuk haruh ka buerangan deui euy …. “, Rajagaluh ti isuk tepi ka asar sok alus tah cuaca teh biasana oge. Jam 4 sore aya baturan kuring ulin bari jeung aya perlu sa eutik, kaleresan batur urang eta teh damel di
PLN Rajagaluh sok di sebut AA ku urang da salanceukeun sebut weh A Econ, Keur A Econ datang mah langit teh caang panon poe oge meni nyorot..teu pati lila sorot panon poe ka tutupan ku awan, ceudeum jadina langit teh..Breg teh teu pati lila Hujan lumayan meni ageung. Ai pok teh si A Econ ngomong bari jeung nyawang langit nu keur hujan “sugan teh moal rek hujan da tadimah caang..duuh gusti keun weh hujan mah asal listrik tong pareum deui. cape keur peuting”.. urang nyelang omongan anjeuna “ku naon kitu A” .. “ heuh keur peuting tepi ka takhrim. Urang jeung barudak
PLN teu bisa sare. Saurang mah aya nu rek nyerah di titah neangan dimana pusat masalah pareum teh, bakating ku capena meureun.”. tapi alhamdulillah nateh katimu masalahna.” Palebah mana .A.
masalahna. "Eta….. Gardu nu di Setu”.. A Econ ngajawab pananya kuring.. “Oohhhh jadi kitu…. Kuring ngarti naon nu kumanehna di rasakeun,
Masyarakat kesel meruenan da listrik teh reup bray reup bray wae. PLN kitu oge sarua saha nu hayang atuh listrik pareum kahayang mah tong
pareum .
… ngobrol kaditu kadieu jeung si A Econ nu ka pahung hayang balik tepi ka raat hujan ….