Rajagaluh
Oom Somara de Uci
Pasar nu salilana ramè. Ngaroncè sepina ati. Cau, kadu, sawo silih lèdèk jeung gedong gincu. Diibingan murucu. Makuta cengkir jeung ganas.” Sabaraha? Sabaraha?” ceuk saparo sora tangkulak beulah ditu. Salilana mulak cangkèng, bari teu lesot ti henpun, manteng bikang salingkuhan.
Metèt dongèng marèma. Ngitung poè, untung rugi. Kuli pocok, ojèg, supir silih lèdèk jeung nu dagang. Disurakan waktu. Tagihan jeung modal.” Angkut! Angkut!!” ceuk saparo sora tangkulak beulah dieu. Salilana nginum jamu kuat, pamèr tuur, nyumputkeun panyakit gula.