ads1

Official Website

RAJAGALUH UNDERCOVER

RAJAGALUH

Rajagaluh

Oom Somara de Uci
Pasar nu salilana ramè. Ngaroncè sepina ati. Cau, kadu, sawo silih lèdèk jeung gedong gincu. Diibingan murucu. Makuta cengkir jeung ganas.” Sabaraha? Sabaraha?” ceuk saparo sora tangkulak beulah ditu. Salilana mulak cangkèng, bari teu lesot ti henpun, manteng bikang salingkuhan.

Metèt dongèng marèma. Ngitung poè, untung rugi. Kuli pocok, ojèg, supir silih lèdèk jeung nu dagang. Disurakan waktu. Tagihan jeung modal.” Angkut! Angkut!!” ceuk saparo sora tangkulak beulah dieu. Salilana nginum jamu kuat, pamèr tuur, nyumputkeun panyakit gula.


Galindeng Gosen*. Kabutuh nu hamo mèakeun seubeuh. Hanaang salilana. ”Pelak purba Freud**”, ceuk anjeun bari nyangsaya di imah suwung wangun karaton. Tutas ngaroris kebon bibit satungtung deuleu. Dina amparan bumi jeung iuhna langit Cakraningrat***.

2010

*ahli ekonomi dunya

**ahli psikologi

***legenda rajagaluh


===============
Pustaka Kemucen
Jl. Aryakemuning 19 Rajagaluh
Majalengka 45472
Jawa Barat - INDONESIA
e-mail : kemucen@yahoo.co.id
http://pustaka-kemucen.blogspot.com/
http://pustakakemucen.blogspot.com/
---------------------------------------------
Share:

RAJAGALUH

LOKAL ADS SUPORT