ads1

Official Website

RAJAGALUH UNDERCOVER

ebith BEAT*A ''DINA AMPARAN SAJADAH''

Darso feat ebith BEAT*A ( dina amparan sajadah )

Dina amparan sajadah abdi sumujud pasrah Diri nu lamokot ku dosa nyanggakeun sadaya-daya Dina amparan sajadah abdi sumujud pasrah Mungut pangampura gusti YA ALLAH RABBUL 'IZZATI

rumasa, kuring rumasa, hirup di nunia, pinuh ku dosa, laku lampah saka hayang, teu nyaho halal jeung haram, nu peunting ngeunah kabawakeun ku sakagawayah, teu nyaho wayah, goreng hate-goreng hate laku lampah pi omongeun wae, poho kawajiban-poho kawajiban, poho akherat gawe kuring ngan ukur maksiat, mun dielingan poho deui, mun dielingan poho deui mun dielingan YA ALLAH RABBUL 'IZZATI Hapunten Abdi.

Dina amparan sajadah ( abdi seja manjatkeun du'a)
abdi sumujud pasrah ( eui abdi kenging pangampura tinu kawasa)
Diri nu lamokot ku dosa nyanggakeun sadaya-daya (nya nya )


Insya allah ayeunamah abdi tos kenging hidayah mugia abdi tiasa janten jalmi istiqomah. Ngalereskeun laku lampah, sejak tobatan nasuha, alhamdulillah Nyanggakeun tobat abdi, mugi janten tobat nu sajati, dosa-dosa nu tos kalangkung mugi janten dosa panuntung. Jembarkeun hate, abdi hoyong janten jalmi nu sae, manfaat kangge sayada, agama, kulawarga nagara, nun gusti abdi nyanggakeun du’a.

Taya deui palumpatan taya deui pamuntangan. Nun ALLAH PANGERAN ABDI PANGERAN ANU SAJATI


Dina amparan sajadah ( abdi seja manjatkeun du'a)
abdi sumujud pasrah (eui abdi kenging pangampura tinu kawasa)
Mungut pangampura gusti ya allah rabul ijati, Munggut pangampura gusti YA ALLAH RABBUL ‘IZZATI
Hirup urang bobolokot ku dosa jeung sajaba nyanggakeun sadaya-daya




Share:

RAJAGALUH

LOKAL ADS SUPORT