Pesona Koi Jepang di Situ Cipanten: Wisata Berkelas, Alam Lestari
![]() |
| Bos koi situ cipanten |
Penyebaran 2.165 ekor koi ieu dilakukeun ku kolektor nasional Hartono Soekwanto, dibarengan ku tokoh publik Irfan Hakim jeung Bupati Majalengka Drs. H.Eman Suherman ,MM. Hartono milih Situ Cipanten lantaran kualitas cai nu masih bersih, tanpa bakteri nu ngabahayakeun. Ieu nunjukkeun yén kelestarian lingkungan téh jadi syarat utama pikeun ngembangkeun wisata. Lamun alam rusak, koi nu berharga mahal ogé moal bisa hirup.
Koi dina budaya Jepang sering dianggap lambang ketekunan, kaindahan, jeung keberuntungan. Ku ayana di Situ Cipanten, masyarakat Majalengka meunang simbol anyar pikeun ngajaga alam jeung ngajaga kaharmonisan hirup. Ieu sejalan jeung visi Gubernur Jawa Barat, H. Dedi Mulyadi (KDM), nu terus ngadorong masyarakat pikeun ngawangun wisata nu lestari, henteu ngan ukur ngejar keuntungan ekonomi tapi ogé ngajaga warisan alam.
Wisatawan nu datang ka Situ Cipanten ayeuna bisa ngarasakeun suasana nu béda: danau nu jernih dihias ku koi warna-warni nu ngojai di permukaan cai. Tapi pesona ieu moal langgeng lamun masyarakat henteu disiplin ngajaga lingkungan. Sampah plastik, limbah rumah tangga, atawa eksploitasi alam bisa jadi ancaman nyata. Ku kituna, penyebaran koi téh sakaligus jadi pangeling yén alam téh kudu dijaga babarengan.
Majalengka ayeuna boga kasempetan emas pikeun nunjukkeun yén wisata alam bisa maju bari tetep lestari. Situ Cipanten bisa jadi conto kumaha kolaborasi antara kolektor, tokoh publik, pamaréntah, jeung masyarakat bisa ngahasilkeun daya tarik nu luar biasa. Ku ngajaga alam, masyarakat henteu ngan saukur ngajaga koi, tapi ogé ngajaga masa depan generasi nu bakal datang. Ieu téh ajakan nyata pikeun ngajalankeun kahoyong Gubernur Jawa Barat Kang Dedi Mulyadi (KDM): wisata nu lestari, alam nu dijaga, jeung masyarakat nu sejahtera. (atps)

Post a Comment
0 Comments
tinggalkan pesan