ads1

Official Website

RAJAGALUH UNDERCOVER

Di Rajagaluh

Di Desa Rajagaluh
Di Kecamatan Rajagaluh
Di Kabupaten Majalengka
Rajagaluh
Salasa Malam Rebo Tanggal 25 Oktober 2011 Jam 22:27 dina computer
Masih Di Lembur
 --------------------------------------------
Motor jeung mobil nu ngaliwat kurang leuwih ngan hiji tina samenit
Sanajan sok aya ngaliwat ngaburudul ngabrul pauntuy-untuy mobil jeung motor pa udag-udag....
Ceeeeeeeeeeep jempling deui ti-iseun jagat Rajagaluh pating haruleng tatangkalan caricing teu ngagupayan-ngagupayan acan..
Breeeeeeeeeeet sora motor ti belah wetan beuki deukeut beuki tarik laju ka belah kulon ngahudangkeun dangdaunan nu keur ngaralamun, bremmmmmmmmmm wezzzZ sora Mobil nuturkeun..
Sora motor asa tarik  komo bari jeung ngobrol nu naek motorna, ngobrol jeung nu di bonceng asa jiga nu gogorowakan kadenge kamana-mana.
Hemmm. Rajagaluh….sakeudeung deui jam dua belas teungah peuting teu saeutik nu  baralanja dararagang laleumpang boh nu naraek mobil motorna kapalasar (bakul).. sampe isukna.
Lima Tahun Sapuluh Tahun Kahareup Jiga kumaha rajagaluh...?



Share:
Local: Rajagaluh, Indonesia

RAJAGALUH

LOKAL ADS SUPORT