Rajagaluh 2025: Lembur Nu Nyaluyukeun Diri di Tengah Robahna Zaman Potret Ekonomi Rajagaluh Ayena di Era Digital

Di antara gunung nu ngajaga ti kalér jeung leuweung nu nyumputkeun carita ti jaman baheula, Rajagaluh nangtung salaku lembur nu henteu leungit ku jaman. Tapi taun 2025, angin nu ngalayang di jalan-jalan Rajagaluh mawa kabar anyar: kabar ngeunaan robahna cara hirup, cara dagang, jeung cara Warga ngatur kahirupan. Warga Rajagaluh masih aya nu daek tatanen tur bisa ka sawah minangka mata pencaharian, Alhamdulillah masih aya nu ka sawah jeung ka kebon boh ka balong. di kebon Warga masih aya nu nanam harapan dina bentuk bibit, bibit tanaman boh lauk. Tapi di sisi séjén, perekonomian lembur henteu salawasna lempeng. Robahna pola konsumsi jeung gaya hirup digital nyieun Warga kudu nyaluyukeun diri. 

Pasar Rajagaluh, nu baheula jadi pusat kahirupan sapopoe, ayeuna karasa sepi. Di lebetna, kios-kios nu ngajual pakean, alat rumah tangga, jeung kabutuhan sapopoe, loba nu tutup atawa ngan saukur dibuka saban minggu jeung rebo (pasar tumpah atawa Warga Rajagaluh nyebutna poe pasar/pasaran). Pembeli leuwih milih balanja online, ngagugulung layar tinimbang ngider pasar. Nu daragang, loba nu milih ngudag pembeli di pinggir jalan, di tempat nu rame ku kendaraan, sabab di jero pasar mah sok sepi. Nu matak prihatin téh, pasar nu baheula jadi tempat silaturahmi, tempat tukeur carita, ayeuna jadi tempat nu nyimpan sepi. Nu ngajual pakean, nu baheula bisa nyieun koleksi anyar saban bulan, ayeuna kudu narima kaayaan: pembeli leuwih milih klik tibatan nyawang langsung.

Di luar pasar, jalan-jalan Rajagaluh jadi tempat nu rame ku aktivitas Warga. Di pinggir jalan, aya nu dagang sarapan, aya nu ngajual hasil bumi, aya nu ngadamel kerajinan leutik. Ekonomi lembur pindah ka tempat nu leuwih terbuka, nu bisa katarima ku nu ngaliwat, nu bisa ngagoda ku aroma jeung warna. Tapi ieu ogé nunjukkeun kumaha Warga Rajagaluh nyaluyukeun diri. Maranéhna henteu nyerah, tapi nyusun ulang cara hirup. Dagang henteu deui saukur di kios, tapi di trotoar, di media sosial, di grup WhatsApp. Perekonomian jadi cair, ngalir ka mana waé nu bisa ngadatangkeun rejeki. Sanajan robahna jaman nyieun pasar sepi, Rajagaluh henteu leungit rasa. Warga masih ngajaga silaturahmi, masih ngarakit harapan dina obrolan di warung kopi, masih ngadoakeun hujan supaya henteu ngarusak taneman. Di lembur, spiritualitas henteu leungit—doa masih diucapkeun, rasa masih dijaga.

Rajagaluh 2025 lain lembur nu leungit, tapi lembur nu nyaluyukeun diri. Di antara sepi pasar jeung rame pinggir jalan, aya carita ngeunaan daya tahan, ngeunaan kabijaksanaan lokal, ngeunaan kahirupan nu henteu gampang tapi henteu leungit ku tantangan. Taun 2025, Rajagaluh téh siga lembur nu keur diudag ku angin anyar. Warga pendatang datang ti mana-mana, ti kota nu geus sesak, ti lembur séjén nu geus leungit harepan, milih ngusahakeun hirup di dieu. Maranéhna nyebar, nyieun warung, kios, lapak, jeung kadang—nu matak waas aya nu dagang duit sagala, Dagang kadaharan mah teu nanaon. Kelontongan ogé, asal ngajaga kabersihan jeung ulah nyieun rusuh. Tapi nu dagang duit? Nu sok nyebut diri “nyadiakeun solusi finansial,” padahal mah nyieun warga leuleus ku cicilan nu teu puguh. Maranehna nyebar di gang-gang, di pojok jalan, nyekel warga nu keur susah, bari nyumput handapeun istilah “pinjaman cepat.” Tapi nu gancang mah lain rejekina, nu gancang téh nyusutan harga diri warga. Di tempat nu baheula sepi, warung-warung mucunghul. Gorengan, kopi sachet, rokok eceran, jadi tempat kumpul. Di gang, aya nu ngajual sembako, aya nu nyambungkeun warga jeung sistem digital. Tapi di sela-sela éta, aya nu nyebarkeun jerat hutang, nu teu karasa tapi ngagurat (masayarakat ku hese na neangan duit atawa ku kabutuh nu teu ngutamakeun beutung heula tapi gaya hirup)

Rajagaluh jadi rame, tangtu. Pilihan konsumsi leuwih variatif. Tapi warga asli nu geus lila usaha, nu dagang ku rasa, kalah ku harga, kalah ku strategi nu teu make rasa. Aya nu karasa kasedek, aya nu ngadadak sepi, padahal baheula mah jadi tempat silaturahmi. Sanajan kitu, warga asli henteu leungit rasa. Di warung kopi, maranehna masih silih tukeur carita. Di masjid, masih silih sapa. Tapi di jero haté, aya nu nyimpen tanya:

“Rajagaluh nu rame ieu, rame ku kahadean, atawa rame ku jerat nu disumputkeun?”

Lembur henteu statis, enya. Tapi warga asli sadar: gelombang nu datang kudu bisa nyaluyukeun diri, lain ngaganti rasa nu geus lila dipiara. Kabijaksanaan teu bisa dibeli ku duit, komo ku bunga pinjaman.

Sanajan Rajagaluh ayeuna leuwih rame ku warga pendatang nu usaha dagang, warga Rajagaluh Maranéhna masih saromeah, ngajaga karukunan, jeung ngarasakeun asal—harti yén silih hormat téh lain saukur basa-basi, tapi bagian tina napas kahirupan sapopoe.

Di warung kopi, di pasar, di masjid, jeung di acara hajatan, warga asli henteu nyieun jarak. Maranéhna ngabagéa nu datang, tapi ogé ngajaga wibawa lembur. Aya rasa nu halus tapi jero: yén Rajagaluh téh lain saukur tempat usaha, tapi tempat nu kudu dihargaan ku nu datang. Warga asli ngajarkeun ku laku lampah, lain ku omongan:

Silih sapa sanajan henteu kenal, Ngabantosan nu kasusah, henteu ningali asalna ti mana, Ngajaga kabersihan jeung kaamanan lingkungan babarengan, Sikep ieu asalna tina ajen nu geus lila dipiboga ku masyarakat Rajagaluh: ngahargaan ka pribumi, lain pikeun nyieun jarak, tapi pikeun ngajaga rasa. Rasa yén lembur téh boga jiwa, boga carita, jeung boga kabudayaan nu kudu dihormat ku saha waé nu nginjakkeun suku di dieu.

Di Rajagaluh, karukunan téh lain pajangan. Warga asli ngajaga éta ku laku lampah nu tegas, ku sikep nu tangguh, jeung ku rasa nu henteu bisa dibeli. Maranéhna henteu nyieun pi paraseaeun, tapi ogé henteu pasrah. Maranéhna sadar: lembur téh boga akar, boga ajen, jeung boga wibawa nu kudu dijaga. Warga henteu ngahalang-halang pendatang, tapi maranéhna ngawasi ku rasa, ngajaga ku sikap, jeung ngingetkeun ku budaya, Mun aya nu dagang tapi henteu ngajaga kabersihan, maranéhna nyarita, Mun aya nu nyieun masalah, maranéhna henteu sieun pikeun ngingetkeun, Mun aya nu henteu ngahargaan adat, maranéhna ngajarkeun ku conto, lain ku omong kosong, Karukunan di Rajagaluh téh teu leuleus-leuleus teuing, tapi teu kasar. Éta téh karukunan nu dijieun ku kawani, dijaga ku rasa silih hormat, jeung dihirupan ku ajen ka pribumi. Warga asli sadar yén lembur téh lain saukur tempat usaha, tapi tempat nu kudu dihargaan. Nu datang kudu bisa nyaluyukeun diri, lain ngaku-ngaku boga tempat. Di balik eta sadaya, aya taring budaya nu ngajaga lembur. Maranéhna henteu nyiar konflik, tapi ogé henteu ngantep lembur leungit jati diri. Rajagaluh téh lembur nu hirup ku rasa, ku adat, jeung ku kawani nu leuleus tapi ngagurat.
Di Rajagaluh 2025, kahirupan henteu lempeng Lembur nu baheula tenang ku sora pacul jeung pupujian di masigit boh mushola ,  ayeuna rame ku motor, warung dadakan silih patembal tembal, nyakitu oge jeung jalma nu nyarita sorangan seuri sorangan ceurik sorangan alatan nempo layar. Tapi di balik sagala robahna, warga masih ngajaga rasa—rasa nu nyambung ka taneuh, tepi ka luhur, jeung ka asih. Ekonomi bisa pindah ka pinggir jalan, pasar bisa sepi, rentenir bisa nyebar, tapi kabijaksanaan lembur henteu gampang dipupus.
Rajagaluh lain saukur tempat usaha, tapi tempat nu ngajarkeun yén nyaluyukeun diri téh kudu ku iman, ku adat, jeung ku kahadean nu henteu leungit ku jaman. (red:anditipasundan)

Rajagaluh Undercover

 


Post a Comment

0 Comments