Dirgahayu Republik Indonesia Ke- 80 Tahun

rajagaluh
Dirgahayu RI 80 Tahun

80 taun geus kaliwat saprak proklamasi Kamerdekaan Indonesia. Tanggal 17 Agustus tahun 1945 sok jadi momen nu ngagugah rasa reueus ka bangsa, ngingetkeun perjuangan nu teu gampang, jeung ngaraketkeun rasa kabangsaan. Tapi di balik gegap gempita perayaan, aya sora leutik nu kadang poho didenge: sora masyarakat nu masih kénéh nyanghareupan kahirupan nu hese, nu neangan duit téh kudu ngorbankeun loba hal. di juru lembur  nu jarang ka sorot kamera, aya jalma-jalma nu hirupna serba ka kurangan, tapi haténa pinuh ku kahayang. Teu nyaho kana istilah demokrasi, teu ngarti kana strategi politik, nu dipikiran mah : isukan bisa dahar, anak bisa sakola, jeung ulah nepi ka nginjeum ka warung deui. Maranéhna ngadenge berita nu ngageterkeun: pejabat ditangkep korupsi, duit nagara dialihkeun ka kantong sorangan jeung balad-baladna. Tapi nu ditangkep sok bisa leupas, nu salah sok bisa nyumput, nu rugi mah tetep rakyat. Korupsi geus jadi budaya, ngakar kana diri nu boga jabatan tepi ka perangkat nu paling handap di pamarentahan, nepi ka teu karasa salah deui geus poho kana nu ngarana dosa.

Jalma leutik mah teu nyalahkeun Negara, tapi haténa sok ngahuleng di sajeronging pikirana. saweneh pegawai pamarentah nu sakitu mewahna nembongkeun kahirupanna, Ningali gedong-gedong mewah, mobil nu ngagaur, jeung pesta nu teu puguh maksudna, bari di sisi séjén, aya nu ngadahar ku nyésakeun lauk pikeun isukan. Kamerdekaan nu diomongkeun téh siga jauh ti kanyataan. Naha ieu Nagara téh keur sakabéh, atawa ukur keur nu boga jabatan?

Di tengah gegap gempita ulang taun ka-80 Republik Indonesia atawa di tiap taun-taun nu tos ka liwat, maranéhna ngadenge sora pidato nu nyebut “Demi Rakyat, Kami Berjuang Untuk Rakyat” tapi éta teu nyampe ka haté nu di kampung. Maranéhna ngadenge lagu-lagu perjuangan, tapi nu dirasa mah perjuangan sapopoé nu teu aya nu ngadenge.

Teu sakabéh rahayat bisa ngarasakeun Kamerdekaan dina harti nu saenyana. Di sawatara tempat, masih aya nu kudu ngorondang neangan panghasilan sapopoé. Aya nu kudu milu ngarakit ulang taun nagara bari haténa nyeri, mikiran anak nu tacan bisa sakola, atawa dapur nu hese ngepul. Hayang hirup nu adil. Hayang Nagara nu mikanyaah. Hayang Kamerdekaan nu saenyana, nu bisa dirasa ku sakabéh, lain ukur ku nu bisa nyieun aturan. Maranéhna teu menta loba, Ngan menta ulah Poho: yén Kemerdekaan téh kudu turun ka jalan leutik, ka dapur nu teu ngepul, ka sakola nu muridna kucel ku sabab sergamna ngan hiji-hijina, ka diri nu unggal poe di guyur ku kesang bari papanasan nengan receh sugan jadi nga rebu ti rebu tepi ka ratur rebu  pikeun kelurgana di imah. 

Kemerdekaan téh hasil tina perjuangan nu panjang, nu pinuh ku getih jeung cimata. Generasi kiwari ngarasakeun hasil tina éta perjuangan: bisa sakola, bisa nyarita bébas, bisa ngembangkeun diri. Dina 80 taun ieu, Indonesia geus ngalangkungan rupa-rupa tantangan: ti krisis ékonomi, konflik sosial, nepi ka pandemi global. Tapi bangsa ieu tetep nangtung, nguatkeun diri, jeung terus ngudag kamajuan.

Kaheman téh hadir nalika urang nyaksian béda nu jomplang antara nu bisa ngarayakeun jeung nu ngan ukur bisa ngadoakeun. Kamerdekaan nu saenyana téh lain ukur kabébasan ti penjajahan, tapi ogé kabébasan tina kasusah hirup, tina kabodoan, tina kabutuhan nu tacan kacumponan.

Hapunten, kanu di pasihan kawenangan. Kami nu di handap ieu henteu nyaho kana undang-undang, henteu ngarti kana strategi nagara, aturan hiji lembaga pamarentah atawa suasta kumaha jeung kedah kumaha yen hayang bisa kitu teh. tapi kami ngarti rasa lapar, ngarti nyeri haté anak nu hayang ka sakola tapi teu boga jang ongkos jeung jang jajan, ngarti kumaha nyumputkeun cimata di dapur nu teu ngepul. Jabatan nu dipasrahkeun ka anjeun téh lain pikeun ngageugeuh kahormatan, tapi pikeun ngurus kahirupan kami nu leutik. Anjeun nyebut berobat téh gratis, tapi kami kudu leumpang jauh, maké ojeg nu kudu dibayar, bari duit téh ngan saukur cukup pikeun béas sapiring. Mending mun di rumah sakit téh ditarima ku petugas nu daek ngadenge, nu henteu jarudes nempo kami nu leutik, nu teu boga surat rujukan, nu teu bisa nyebut istilah médis. Mending mun teu kudu antri bari nahan lapar, bari ngagolér di bangku nu tiis tawa papanasan, bari ngadenge seuri pegawai nu siga jauh ti rasa deudeuh. Upami anjeun masih bisa seuri bari kami nangis, naha éta lain dosa nu teu kasaksian ku hukum, tapi kacatet ku langit?

Ulang taun ka-80 téh lain ukur momen pikeun ngagungkeun, tapi ogé pikeun ngingetkeun: naha Kamerdekaan geus dirasa ku sakabéh lapisan masyarakat? Naha kabijakan jeung program pamaréntah geus nyentuh nu pang handapna? Naha urang, salaku warga nagara, geus nyumbang kana solusi?

Hayu urang jadikeun momen ieu pikeun nguatkeun rasa deudeuh ka sasama, pikeun ngadorong kabijakan nu leuwih adil, jeung pikeun ngaraketkeun solidaritas. Kamerdikaan téh kudu dirasa ku sakabéh, lain ukur ku nu boga kasempetan.

"Dina ulang taun ka-80 Republik Indonesia, hayu urang nguatkeun niat pikeun ngajaga kahadean. Kamerdekaan téh lain ukur milik nu gaduh pangaruh, tapi milik jalma leutik nu satia ngadunga di tengah sepi. Muga berkah Allāh salawasna nyertai bangsa ieu, tina akar nu jujur nepi ka langit nu luhur."


بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ

اللّٰهُمَّ اجْعَلْ هٰذَا الْبَلَدَ آمِنًا مُطْمَئِنًّا وَارْزُقْ أَهْلَهُ مِنَ الثَّمَرَاتِ مَنْ آمَنَ مِنْهُمْ بِاللّٰهِ وَالْيَوْمِ الْآخِرِ

"Ya Allah, jadikanlah negeri ini negeri yang aman dan tenteram, serta berilah rezeki dari buah-buahan kepada penduduknya yang beriman kepada-Mu dan hari akhir." (QS. Al-Baqarah: 126)

وَإِذْ تَأَذَّنَ رَبُّكُمْ لَئِنْ شَكَرْتُمْ لَأَزِيدَنَّكُمْ وَلَئِنْ كَفَرْتُمْ إِنَّ عَذَابِي لَشَدِيدٌ

"Dan (ingatlah) ketika Tuhanmu memaklumkan: Sesungguhnya jika kamu bersyukur, pasti Kami akan menambah (nikmat) kepadamu. Tetapi jika kamu mengingkari, maka sesungguhnya azab-Ku sangat pedih." (QS. Ibrahim: 7)

اللّٰهُمَّ وَلِّ أُمُوْرَنَا خِيَارَنَا، وَلَا تُوَلِّ أُمُوْرَنَا شِرَارَنَا

"Ya Allah, pimpinlah urusan kami dengan orang-orang terbaik di antara kami, dan jangan Engkau serahkan urusan kami kepada orang-orang terburuk."

Ya Allah Nu Maha Ngawasa,  Mugi Indonesia janten Nagara nu maju sagalana—lain hungkul téknologi jeung ekonomi, tapi ogé dina welas asih, kapedulian, jeung adab nu nyangking rahayat kana kahirupan nu saluyu jeung rasa. Mugi pamingpin-pamingpinana dibuka haténa pikeun merhatikeun nu leutik, nu lirih sorana, nu nyanghareupan hirup kalayan niat nu teu kantos leungit. Ya Allah, mugi kamakmuran henteu ngan ukur cicing di tabel statistik, tapi ngalangkungan gang leutik, sawah nu diusap ku embun, jeung warung nu nyimpen harapan. Mugi kaadilan henteu milih golongan, tapi nyapa dulur-dulur sakabeh lapisan— nu nyorang kahirupan bari nyekel iman, nu masih yakin yen bangsa nu séhat téh asalna tina haté nu paduli.Mugi Indonesia jadi nagara nu sanggup nyugemakeun rahayatna—nyugemakeun rasa, harapan, jeung kahirupan. Sadayana mugi jadi bangsa nu sejahtera, nu ngaluhurkeun niat sareng ngahormatkeun kahirupan.

Aamiin ya Rabbal 'alamin.

وَلَا تَرْكَنُوٓا۟ إِلَى ٱلَّذِينَ ظَلَمُوا۟ فَتَمَسَّكُمُ ٱلنَّارُ ۖ وَمَا لَكُم مِّن دُونِ ٱللَّهِ مِنْ أَوْلِيَآءَ ثُمَّ لَا تُنصَرُونَ

"Dan janganlah kamu cenderung kepada orang-orang yang zalim, maka (neraka) akan menjilat kamu. Dan kamu tidak akan memperoleh pelindung selain Allah, lalu kamu tidak akan ditolong."

Post a Comment

0 Comments