ads1

Official Website

RAJAGALUH UNDERCOVER

Janahvi, The Mother of Gangga

YouTube Link : klik

Talaga Janawi, Sungapan Cai 
Nu Tara Saat Najan Halodo Entak-entakan



Ku : Oom Somara de Uci

mata air janawi desa payung
Sumber Mata Air Janawi (Desa Payung)
(SundaNews, Majalengka) Talaga Janawi perenahna di wewengkon Désa Payung, Kacamatan Rajagaluh, Kabupatén Majalengka. Tempatna éstu suni, tiis tngtrim di suku gunung Ceremé atawa saparo urang kota nyebutna Ciremai.
Sabenerna mah teu mencil-mencil teuing, da ti Balé Désa Payung ogé bisa dijugjug badarat. Lembur Désa Payung kungsi jadi sabiwir hiji nalika aya pesawat Cessna ragrag tur bangkéna teu kapanggih laratanana. Aya sakira 6 kilo méter lamun disaba ti Rajagaluh, nanjak ampir taya pegatna.
Ceuk Uu (43), nu dipercaya masarakat dinya pikeun jadi pupuhu nu ngokolakeun Janawi,
sungapan cai Janawi tacan kungsi ngalaman saat. “Éstuning ngocor beresih, hérang ngagenclang sok sanajan usum katiga”, ceuk ieu guru SMPN Payung wedalan IKIP Jakarta ka SundaNews.
Hanjakal, sakitu sungapanana ngocor méh taya saatna, ari Situ Janawina mah teu kapiara kalayan hadé. Runtah jeung écéng gondok mani ngahiji minuhan balong. “Kantos dicobi diberesihan ku masarakat, tapi da kitu, utamina écéng gondok gancang pisan nyebarna,” ceuk Uu deui.
Desa Sindangpano Kec. Rajagaluh
situ janawi
Urang dinya kungsi nyoba ngamangpaatkeun écéng gondok pikeun dijadikeun bahan kriya karajinan minangka gaganti rotan. Ngan ku sabab teu bisa ditungguan kalayan gancang, ti mimiti ngangkat jeung moéna nu kawilang lila, antukna jadi lapur. “Bahan anyaman tina écéng mun dijual bahan bakuna murah pisan.
Mun diitung jeung tanaga nu dikal uarkeun éstu henteu sabanding”  pokna deui Uu Poe éta, aya tamu make Land Rover, nu tarumpakna garinding. Laju nanyakeun “mata air” Janawi nu langsung dituduhkeun jalanna. Manahoréng éta rombongan téh boga bekel informasi yén Janawi téh titinggal Prabu Cakraningrat nu sohor ngawasa Rajagaluh. 
“Simkuring leres-leres ahéng, sakaligus kataji ku kabeungharan ieu lembur,”  ceuk H Tete Sukarsa, tamu nu sakaligus pengusaha, dibaturan ku alona, dr Dewi.
”Hanjakal kirang diraksa-diriksa….”  kituna téh bari gogodeg ningal écéng gondok nu ngahiji jeung runtah.

Andri Priyatna (38) pangarang asli Majalengka, sok buku-buku psikologi Gramedia, milu neundeun perhatian ka Janawi. Andri méré kamandang, ”Janawi téh taya lian janahvi, the mother of Gangga, hiji talaga suci nu bisa jadi lambang ajegna hiji kakawasaan nu muhit hiji agama nu sarua jeung di lembur asalna, India. Kuduna mah pamaréntah kabupatén téh sing titén, ulah nambélarkeun,” kitu ceuk Andri.


YouTube Link : KLIK
Share:
Local: Rajagaluh, Majalengka, Jawa Barat, Indonesia

RAJAGALUH

LOKAL ADS SUPORT