Upload Foto| Upload Foto| Upload Foto| Upload Foto| Upload Foto| Upload Foto
Scooter Owners Club Rajagaluh(SOCR RAJAGALUH), RSJ (Rajagaluh Scooterist Jadah) , king rider community rajagaluh (KRCR), Rajagaluh Skateboards
Show/Hide Slider
Twitter Google Plus Facebook Digg Stumbleupon Favorites More

Seni Jolian ti Désa Singawada Hudang Deui

Ku Oom Somara de Uci

SundaNews, Majaléngka) Poé Juma’ah (12/9/2012), sabada juma’ahan, masarakat padésaan Singawada, Kacamatan Rajagaluh, kabupatén Majaléngka; ibur. Seni Jolian nu geus lawas “tiwas” ngadadak hirup deui. Atuh réa nu kagagas. Malah kolot mah réa nu nepi ka ngeclakkeun cimata. Mana kitu gé kaharti, dalah tiwasna éta kasenian téh leuwih-kurang geus 30 taunna.

Hirupna deui éta kasenian téh teu leupas tina alpukahna Réndy (24), salah saurang mahasiswa STSI Bandung. “Waktos ayeuna mah kanggo ngamumulé sareng ngamekarkeun kabudayaan, hususna widang kasenian tradisional, téh peryogi pangaweruh sareng stratégi nu serius,” cék Réndy bari teu petot-petot ngiringkeun Naga Jilian katut réngréngan panabeuhna. Luhureun Naga nu digotong bari ngurilingan pilemburan téh, nyéngclé budak sunat.“Margi, fungsi seni tradisional nu ngandung eusi ritus téh tos ngised jadi seni pintonan akibat jaman nu mingkin moderen. Nalika masarakat percanten kénéh kana kakuatan alamna mah, musik sareng ibingan téh dipaké pikeun wadahna. Laju ku kamoderenan, alam jadi objék nu kurang meunang panitén. Antukna, fungsi seni nu aya patula-patalina sareng ritus, nyaéta adat tatali karuhun, téh beuki ngurangan” pokna deui.Sabenerna, mimitina Réndy teu nyaho kalayan écés, kumaha rupana Seni Jolian téh? Éta gé ari ngadéngé ngaranna mah kungsi, da sok dipaké nyingsieunan budak. Upamana, mun inyana réwél, kolotna sok pok nyarita: “Kop ké na aya Jolian!” Najan teu kungsi ngalaman tur teu nyaho wujud sabenerna kana Jolian, barudak mah sok tetep sieuneun baé.

Kukituna, sangkan bisa ngahirup huripkeun deui kasenian pituin lemburna téh, Réndy remen tatanya ka kokolot lembur. Atuh ari hantem dipaluruh mah teu burung manggih raratanana. Luyu jeung panuduh, Jolian téh enya wé ngaréngkol di para balé désa Singawada!Numutkeun katerangan kokolot lembur, Seni Jolian téh mimiti hirup dina mangsa mapag taun 1930. Ormat Wangsa Sentana, kuwu Singawada harita, minangka nu gaduh pokalna. Jolina mah meunang nyieun Ki Arnati, luyu jeung pamundut kuwu. Ari rupana? Tandu dipapaés ku hulu naga, calangap pikagilaeun.Munggaran mah éta jampana téh dipaké pikeun ritual ruwat bumi, ngahormat Dewi Sri maké instrumén angklung, dogdog, jeung goong. Saterusna, éta kasenian mekar jadi pakakas pangreuah-reuah budak sunatan. Saméméh disunatan, budak sina nyéngclé heula luhureun naga, digotong ka muara Ciputri pikeun ngeueum, malah madar bobogaanana jadi baal. Waditrana ditambahan ku saron jeung piul. Atuh jalma salembur gé tumplek kabéh, nyacapkeun kaul suka bungah.Kitu deui basa Indonésia mimiti merdéka, Jolian kungsi “ngaraja” dina memeron Agustusan. Milu nganteur suka bungahna masarakat, bari némbongkeun hasil tatanén. Tandu Jolian dipanggul ti désa mula, tepi ka lapang kacamatan Rajagaluh.Hanjakal, waktu jeung kamajuan teknologi geus ngadéséh karongkahan Seni Jolian. Gemuk, uréa jeung NPK jadi leuwih narik catur urang lembur. Kitu deui ku kapanggihna anéstési, suntik bius lokal téa, milu mareuman tradisi ngeueumna budak sunat. Atuh hulu Naga Jolian téh jadi karamat, disina meuting di leuit paré. Saterusna dipindahkeun, disina ngaréngkol di para balé désa Singawada. Naga Jolian jadi jurig pamépés budak harééng.Najan keur saré, Naga Jolian kungsi ngadatangkeun carita nu matak ahéng deuih. Ahyani (47) nu medar lalakonna. Ahyani téh salah saurang guru di désa Singawada. “Kantos aya patugas PLN nu katurelengan dugi ka kapiuhan. Waktos masangkeun sambungan listrik, saurnah ningali oray ageung pisan, di para balé désa,” cék Ahyani.Lantaran kitu, saméméhna taya nu wani naék ka para balé désa. Éstuning para tempat nu buni pikeun sayang Naga Jolian. Nya Réndy pisan nu nékad mawa éta naga, maké surat rékoméndasi ti budpar Majaléngka. Saterusna Seni Jolian hudang deui. Tah, nu basa Juma’ah ngurilingan pilemburan bari mamawa budak sunat téh, minangka hirupna deui Seni Jolian nu munggaran!(Foto Naga Jolian di para Desa Singawada mangga tingali di link ieu " KLIK "/source )Cakraningrat Rajagaluh


Update  Oct 17, 2012Vidio "Jolian Desa Singawada" di YouTube by Rendyhardian Noviandy
Untuk lebih jelas mengenai Seni Jolian ini seperti apa, bagaimana di buatnya dan Sejarah nya bagaimana  dengan sumber yang dikemukakan sendiri oleh Sesepuh di Desa Singawada, sodara Rendyhardian Noviandy  sudah mengunggah vidionya di Tube  dengan judul Jolian Desa Singawada. Mangga, dibawah ini linknya :

2 comments:

  1. Nuhun kang.sae tos kersa ngadamel post nu sae, abi janten terang gening aya sejarah tersimpan di Ds singawada anu nembe di pikaterang ku abi. Di antos post nu sanes na.

    ReplyDelete

tinggalkan pesan

Popular Posts

NGABUNGBANG RAJAGALUHAN




Tradisi Caang Bulan 14 Rajagaluhan (Bulan Purnama 14 Rajagaluhan) TEMPAT : Pendopo Baleriung Desa Rajagaluh
Read More:"Ngabungbang Rajagaluhan"
"Datanglah ke kampung kami. Bulan di kampung kami selalu indah"
clear